Dalam blog ini anda hanya akan melihat coretan-coretan kecil dari berbagai peristiwa yang terjadi dalam sebuah perjalanan hidup.

Rabu, 01 Maret 2017

Carita Munggaran

Lila ngahuleng mikiran kumaha ngamimitian ieu carita. Asa loba picaritaeun (hayang dicaritakeun) tapi hese  timana ngawalanana.
    Kadang ngabayang lampah katukang, tingjorelat narembongan. Waas...  Lampah nu ngandung mangrupa rasa.
   Inget basa ninggalkeun lembur sawelas taun katukang. Teu bisa kagambarkeun kumaha rupa hate harita. Asa ngangkang, samar rasa. Antara bungah jeung sedih. Bungahna, rencana nu geus lila diangan-angan akhirna bisa laksana. Sedihna? Ninggalkeun kulawarga, baraya, tatangga, sobat, lain perkara enteng. Sedih kacida! Komo lamun nempo roman apa, ema.
     16 September 2006, hate gilig rek nyabrang ka Kalimantan. "Rek nuntaskeun naon nu geus dimimitian". Sanajan teu nyaho konsepsina model kumaha. Bari jeung teu ngarti "naha make kudu ka Kalimantan? ". Pokona mah indit we heula, engke oge bakal nyaho, engke oge pasti ngarti. Henteu ilmi-ah memang. Malah kasebutna nekad, kumaha engke. Jadi lamun tungtungna tigorobas ka jurang tea mah, nya wilujeng we....
Urang kudu siap nyanghareupan hal-hal anyar anu henteu diduga atawa teu disangka-sangka. Datang ka Kalimantan jadi pribadi anyar, tanpa masa lalu.
     Hiji-hijina alesan nu ngabuleudkeun tekad teh nyaeta "percaya ka Pa AZ". Yakin moal ngusrukkeun. Sanajan kakarak wawuh ge.